Jumat, 29 April 2011

iman jadi dasar persatuan

Puji sinareng syukur sumangga urang sami-sami panjatkeun ka Alloh SWT. Sholawat miwah salam mugia salamina kahaturkeun ka jungjunan urang sadaya, kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina, para sahabatna, tug dugi ka urang sadayana.
Jalma Islam zaman baheula, di zaman rumajana Islam, terangeun bener tina hal-hal hhukum agamana, ngarti enyaan kana himmah kapangeranana, tur patuh kana sakabeh parentahan Alloh SWT. salaku pangeranana. lantaran eta maranehanana tetep beramal sholeh sarta enyaan ngajalankeunana. terutama tina hal kaduluran, persahabatan jeung persatuan, sili nasehatan dina hak jeung kasabaran, sili tulungan, sili bantu, sili asuh, sili asuh sarta jujur dina sagala perkara. mangka buah jeung bukti tina tha'at ranjeuna, sarta kateguhan aranjeuna kana hukum Islam taya jalma anu kalantar, sabab lamun aya ti antara anu meunang kasusahan, enggal pisan meunang pertulungan, jeung lamun aya anu meunang kagumbiraan, kabeh bisa ngarasakeun kagumbiraanna jeung sabalikna lamun aya anu meunang kasusahan ditanggung ku sarerea.
sayaktosna aranjeuna anu parantos tepi kana sakumaha dawuhan Kangjeng Nabi SAW:
,,Perumpamaan kaom mu'minin dina silih asihna, silih pikanyaah jeung silih pikacintana jeung sasama, saperti hiji badan. Lamun ngarasa nyeri salah sahiji anggota badan tea, eta kanyeri karasa ku sakujur awaknaa, boh teu isa sare atawa panas tirisna". (H.S.R. Muslim)
Ieu gambaran anu diterangkeun ku Kangjeng Nabi, netelakeun kumaha kuduna sifat jalma mu'min, aranjeuna silih ajenan, silih asih, silih pikanyaah. Ngarasa sedih lamun dulurna meunang kasusahan sarta terus ditulungan, malah lamun bisa mah aing bae atuh anu meunang kasusah teh.
Kabeh ieu geus kalakonan ku jalma mu'min zaman baheula, lantaran geus ngulit ngadaging nyayang nyangsang dina bayahna rasa dulur jeung ukhuwah islamiyyah, jeung aranjeuna geus mutuskeun dina atina yen rek nulungan dulurna anu saenya-enyana, make  kakuatan anu aya dina dirina.
Lamun sifat anu tadi dijalankeun ku kaom muslimain, pasti sampurna iman ka Gusti Alloh teh, jeung bener jadi dulur teh sakumaha anu diparentahkeun ku Alloh SWT. supaya silih pikanyaah jeung sasama kaom muslimin, jeung kakara nyata aranjeuna saperti hiji badan, anu lamun ngarasa nyeri salah sahiji anggota karasa ku sarerea, panona nyileuk teu bisa sare, badanna panas tiris ngadegdeg, jantungna lemah, sirahna rieut, pikiranna kacow, sukuna rampohpoy, atawa lamun conto ku hiji tangkal, lamun gerak batangna, mangka sakabeh dahan jeung regang-regangna, daunna, pucukna, kembangna jeung buahna kabeh endag.
Kumargi kitu, kacida penting jeung payusna urag salaku kaom muslimin di zaman ayeuna kedah nguatkeun tali duduluran diantara kaom muslimin, sangkan ulah babari ka pecah belah ku kaom sejen.
Wallohu a'lam bisshowaab..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar